Tampilkan postingan dengan label Fiksisunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Fiksisunda. Tampilkan semua postingan

Selasa, 06 Maret 2012

Nu Gulinggasahan dina Ranjang

Peuting eta...
Duka kumaha..teuing kumaha teuing aya naon..teuing kunaon..?
Eta bet beda tisasari..beu, ieu jantung ratug tutunggulan..hate seber fikiran tagiwur...
Moal kitu...?,Boa-boa...hate noroweco...kumaha atuh nya..kumaha ieu teh...?..aduh Gusti...

Remote control tv geus hayoh di puncat-pencet mindahkeun chanel-chanel pavorite,,,
Weleh teu bisa kaubaran kaayaan hate harita..angger tagiwur..
Klik kana berita...klik kana hiburan,nyanyian,tarian...teu kuhanteu....tungtungna belewer remote dialungkeun ka luhur bantal...........

Koloyong ka meja komputer,teu puguh rampa angger hate nogencang,,,rap kana panel start...rap kana USB ngasupkeun kabel mouse na....tagiwur angger hate teu bisa di papalerkeun...

Bray layar komputer muka...biasa acara pertama muka selamat datang di window 7...ah teu aneh teu sabar...hayang geura muka loading penuh....

Mouse di pencetan ngarefresh layar jeung program...ah angger hate tagiwur..guligah..resah...gelisah..
Deuuh..aya naon atuh nya...?

Nyobaan cengkat ka Dapur maksud teh,lungak longok kana kulkas..beu ngan aya sayuran anu geus lalepet sawareh..buncis ,terong,tomat mucicid di juru wadah sayur...tap kana susu coklat pamere tadi sore ti dunungan...lek-lek di inum rurusuhan...glek kasedak..waduh..gebleg teh..kasebelan.. tikoro asa aya anu nakol...

Werat ti dinya tunga-tengo ngalongok kana boboko sangu..eh lain boboko.ketah wadah sangu tina baskom..weu...sangu ngan tinggal sakeupeul deui bari jeung geus jadi sangu poe.....ah teu jadi...ret aya cau saparapat sikat deui keur meujeuhna mangkel can asak pisan...lep-lep disikat meunang dua batang....asup kana tikoro...

Koloyong kana dispenser regot-regot beak dua gelas..ngaliwat kana genggerong asup kana lambung...tadina mah hayang ngabaseuhan hate sugan bae bisa kapepende ku dahareun jeung cai inum.

Weu.....angger hate masih tagiwur,teu puguh rampa antukna.,.krining ringtone sms tina HP jadul..set di buka...ah gebleg teh ti si Ronny...nagih!.


Beu kitu nya ari boga hutang...padahal karak ge dua poe tah nginjeum ka si sobat  teh..eh ka manehna teh hehe (keur kesel mah poho kana jasana hehe...).

"Bat sorry duit ku ana rek dipake isukan sore,pamajikan ana rek ka Mitoha rek munjungan aya alona balik ti Mekkah"...kitu eusi sms..wahh gelo sugan pan ti anggalna kuring teh geus nyieun MoU jeung manehna yen "hutang akan dibayar setelah selama 3 bulan plus bunga lima persen,setelah saya menerima gaji bulan Pebruari".

Ah nyaeta atuh hirup teh pakupis jeung nu miskin,sasama miskin sasama butuh silih tulungan teh antukna jiga nu "pejenggut-jenggut jeung nu huluna sarua gundul"..pada -pada jalama leutik.

Sms di antep..ah bae moal waka dibales...paling ke ge ngamiscall...panyakit si eta ti baheula..boga HP kabisa ukur miscall haha...

Goledag kana ranjang,komputer angger hurung akses internetna otomatis asup..antepkeun be dina Google Chrome..na layar atra jelas aksara anu geus loma jeung tulisan Google...pencarian.

Hate angger marudah kitu salah kieu lain..nyangigir,nangkarak,nangkuban ah karah asa aya nu ngaganjel ari nangkub mah...wkwk.,saterusna mah nangkarak deui,nangkarak bengkang.

Panon neuteup lalangit..pan kitu pibasaeuna mun ngagambarkeun anu keur baluweng mikir bari nangkarak, hehe pakemna saolah-olah kitu lah.. keur baluweng ngalamun..kasebelan teh HP disada deui.

Sms deui yeuh : Bat sorry kumaha duit teh saya perlu isukan penting,indung budak keur ngambek yeuh.Balas gpl (balas gak pake lama).Wah...make gpl sagala si ontohod teh hehe...lamun keur kieu ka babaturan teh sok aya kesel oge..meni jiga gampang atuh..kituna tea ketah da salah aing atuh,naha bet boga hutang.

Hutang teh sabenerna mah lain keur dipake nanaon,harita petugas Rumah sakit bagian balitungan duit netelakeun yen waragad buat atas nama : Nyonya X.di kamar kls II harus dibayar lunas Rp 5.000.000 cenah..


Beu lain itungan sabenerna mah mun dina ayana mah teu nanaon najan dua milyar ceuk kasarna moal dek itungan soangan mah pan keur biaya mulasara indung,peupeuriheun atuh mayar jasa ieu mah nuluangan sakitu,tapi geus be ah..nu penting kuring boga hutang lain dipake lacur atawa judi mabok dan sebagainyah hehe,lain dipake teu bener tapi dipake sawarehna kadahar ku keluarga sawarehna dipake mantuan waragad Mamah basa keur di Rumah Sakit.


Kring..deui telepon meunang dua kali ngirining ?..boro di antep,sangkaan teh ti anu nagih deui,,geus dua balikan ringtonena kakarak ditarima,,beu ning dunungan...",kadieuu...!" cenah,,rada heuras..pedah kuring ngajawabna telat meureun,wah paduli teuing sugan rek nagmbek moal teu dihareupan lah,maklum keur baluweng.


Sanggeus nyampeurkeun ka deuket dunungan wah hate kesel oge katinggali aya tas gede hareupeun manehna,geus pasti ceuk na jero hate "wah ieu dunungan rek nitah dewek tah nganteurkeun ka dulurna " sangkaan goreng jeung aral terus minuhan hate jeung hulu nu mimiti sernud rarieut heuheu...!


"Kadieu jang,yeuh ieu keur ente..",ceuk dunungan bari ngasongkeun Tas gede tea..yeuh tambahna bari mere amplop.


Ku kuring ditarima bari rada reuwas campur bungah sarta heran.


***
Datang ka kamar rurusuhan Tas jinjingan teh dibuka ?,bray teh muka, wah baju-baju urut tapi aralus keneh jigana mun diborongkeun ka Mang Juned di lembur mah,mang Juned teh tukang loak payu dijual sajuta mah bari lumpat.


Kusiwel muka amplop,? hah,,duit riyal, astagfirullahhadzim duit Riyal ning, ceuk hate..."alhamdulillah ya Rabb..
Eusina duit real 5000...sapuluh lambar lima ratusan...mun ditukeur di bank moal kurang ti 12 juta rupiah".


Allahu akbar ceuk hate,Karamat Indung yeuh karamat keluarga berkah ti nu Kawasa.


Tamat.