Selasa, 06 Maret 2012

Nu Mepende Hate


Nu Mepende Hate

Kari-kari ayeuna..nya
Karasa,,bener ceuk indung bener ceuk pun bapa..
Eta keur basa kamari,,basa mangsa ti jauhna,,20 tahun kaliwat..

Cenah yeuh bapa jeung mamah teh nyaaah ka haridep teh teu pilih bulu..
Sasauran mangsa tas isya di tahun dalapan tujuhan,mangsa adi kuring kembang buruan..
Jeung mangsa kuring endah alam keur budak mangsa beger munggaran...

Kanyaah kolot mah..ujang nyai teu pilih saha maraneh..
Ka anu leutik nyaah ku leutikna,,ka anu gede nyaah teh ku gedena

Ka anu pinter nyaah ku pinterna,ka anu bodo nyaah ku bodona..
Ka anu lalaki nyaah ku lalakina,ka anu awewe sarua oge nyaah ku awewena..

Dina pada nyaahna sarua bae jeung melang sumoreangna indung bapa ka anak..
Nu Gede melang longkewang ku geus gedena,nu leutik oge sarua melang teh ku leutikna..
Jeung saterusna jeung saterusna..

Satemena kanyaah indung jeung bapa teh ,asa beuki karasa komo mangsa ayeuna..

Mangsa kuring geus jadi bapa,geus reuay anak..
Eta ucapan mamah jeung apih teh aduh bener nyatana..

Hate melang,nyaah,longkewang pinuh kapaur jeung kaasih ka barudak..(jeung indungna hehe..).
Pacampur paaduk ngagalo ngajadi hiji,antukna mindeng hate teh midangdam ngaburungsinang..
Hayang patepang..maklum keur di jauhna di pangumbaraan.

Ka pamajikan sifatna indung budak atuh geuning bet sarua,
Kanyaah kadang kekeuheul sakapeung ngagalo sok jadi hiji..tagiwur''
Eta nyaah ka indung budak,,nyaah ku sopana,nyaah ku tulatena,nyaah ku tresna na..

Kaasup nyaah ku cerewedna,nyaah ku baeudna nyaah ku sok timburuanana...haha..
Ah nyate atuh lir ibarat geus sadarah geus sadaging meuerun ieu cinta sajati teh..

Cinta,tresna anu turun ti kudrat,takdir ti ajali,karunia ti nu Kawasa..
Alus goreng ah da endah bae..

Riyadh,Desember Munggaran 2011 katompernakeun.

0 comments: